Dinteun ieu kaping 1 Desember 2021, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda. kelas 1 diajar ngahaleuangkeun lagu sunda sunda anu judulna Gumbira, kelas 2 diajar nami-nami awak ku basa sunda, kelas 3 diajar pengukuran, kelas 4 diajar PAIBP sareng PJOK, lajeung kelas 5 sareng kelas 6 diajar latihan soal PAS.
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-