Dinteun ieu kaping 15 Desember 2021, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ieu sapertos biasa ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda.
Alhamdulillah... kagiatan PAS parantos rengse. di lanjutkeun diminggu ieu ku kagiatan remedial pikeun barudak anu peunteunna masih keneh kurang. teras dituluykeun ku pelaksanaan BIAS (Bulan Imunisasi Anak Sekolah) anu dilaksanakeun ku kelas 1,2 dan 5, praktek renang ku kelas 4, sareng wawakil guru anu nuju kunjungan ka Bandung.
Teu hilap ka para pangawal sakola sareng ka bapak rohanda salaku guru kelas 3 anu salawasna giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng ngararangkay tatangkalan jeung kebon pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-