Dinteun ieu kaping 22 Desember 2021, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie saperti biasana ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda. kumargi dinteun jumaah bade aya pembagian rapor, janten kagiatan barudak dinteun ieu aya anu diajar di imah aya oge anu bebersih kelas supados kelasna bersih dan rapih. sareng tong hilap nyangking tuangeun sehat buatan mama tercinta.
Teu hilap tepat dinteun ieu kaping 22 Desember 2021, mangrupakeun mieling hari Ibu di Indonesia. ku kituna barudak dibere tugas ku wali kelasna pikeun nuliskeun rasa kanyaah ka indungna minangka hadiah dina hari Ibu ieu.
Penyerahan korsi anyar nu ditampi ku Ibu Kepala Sekolah. selain fokus nyegah panyebaran panyakit Coronavirus (COVID-19), urang oge kedah nyegah serangan Demam Berdarah Dengue (DBD) anu sering kajantenan unggal taun. sakumaha anu ges dilaksanakeun ku sakola salain ti nyemprot make disinfektan, sakolaan oge kasaput ku mesin fogging pikeun nyegah serangan DBD.
Ohh enya ti kelas 4 ngadambeul karya ngagambar loh, teras karyana di jual deui ku barudak jang sumbangan ka gunung semeru. saee kan...
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng ngarangkai tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-