Dinteun ieu kaping 08 Desember 2021, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ieu sapertos biasa ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda.
PAS poe kadua masih keneh jalan, barudak kudu konsentrasi dina ngajawab pertanyaan sangkan meunang nilai nu panghadena. teras dilajeungkeun tuang sasareungan. kabiasaan sholat dhuha unggal poe dilaksanakeun di kelas, iwal poe jumaah anu dilaksanakeun di lapang sakola.
Kagiatan TdBA dinteun ieu nyaeta panen terong jeung nyiram pepelakan di tepi kelas jeung di rumah bibit. jeung latihan upacara pikeun senen engke.
Teu hilap ka para pangawal sakola anu salawasna giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng ngararangkay tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.Dinteun ieu kaping 08 Desember 2021,
-bu Firda & bu Yunike-