Dinteun ieu kaping 2 Februari 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda. kelas 1 diajar ngahaleuangkeun lagu sunda sunda anu judulna Gumbira, kelas 2 diajar nami-nami awak ku basa sunda, kelas 3 diajar pengukuran, kelas 4 diajar PAIBP sareng PJOK jeung sedekah minyak jalantah, lajeung kelas 5 sareng kelas 6 ngalaksanakeun Ulangan Tema 6
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
Sateuacan guru-guru mulih, guru-guru kompak ngarakit TV interaktif di rauang Kantor Sekolah Ekologi SDN 8 Ciseureuh, Alhamdulillah media pembelajaran tos nambihan deui di sakola, mugi-mugi warga sakola makin betah diajar di sakola
-bu Firda & bu Yunike-