Dinteun ieu kaping 12 Januari 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda. Teras di lanjutkeun tuang babarengan jeung tuangeun anu sehat. sareng teu hilap beres tuang barudak ngalaksanakeun sholat dhuha di kelas.
Kegiatan TdBA dinteun ieu, barudak ti kelas 6 nuju panen kangkung anu caket imah bibit. hasil panenna ditimbang heula tuluy dibawa ka imah diasakan ku barudak.
Sapertos biasa awal samester anyar kabeh penjaga sakolah, guru-guru jeung kepala sekolah ngayakeun rapat. Sangkan kagiatan-kagiatan di samester 2 ieu tiasa berjalan lancar.
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-