Dinteun ieu kaping 26 Januari 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, aya nu nyieun karajinan tina kendi di celupkeun kana cai anu geus di campur cet, jeung teu hilap ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda.
Teras di lanjutkeun tuang babarengan di lapangan. sareng teu hilap beres tuang barudak ngalaksanakeun sholat dhuha di kelas.
Sateuacan diajar di kelas na sewang-sewang kelas 5 ngempelkeun minyak goreng jalantah kanggo shodaqoh nu Insyaa Alloh hasilna tiasa mangpaat ka sasama, Dipungkas sateuacan mulih ka bumi na sewang-sewang murangkalih kelas 5 diajar PBB nu diaping ku pa Didi Mewara.
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola, ngarapihkeun kelas pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-