Dinteun ieu kaping 16 Maret 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Alhamdulillah kagiatan PTS ka-3 dinteun ie lancar. Saportos biasa dimimitian ku kagiatan poe rebo nyaeta ngumpulkeun sampah organik sareng non organik, sedekah jalantah, tujuanna pikeun ngajarkeun barudak ngajaga bumi tina pencemaran anu aya di lingkungan. ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, sareung ngalestarikeun kaulinan tradisional anu aya di Jawa Barat.
Tuang babareungan sareng tuangeun anu di dambeul ku ibu anu di pikacinta. Latihan pianika jeung rapat sareung komite.
Teu hilap Ibu/Bapak guru sareung murid anu di pikacinta tos ngabantosan ngabersihan lingkungan sakola, sareng teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.