Dinteun ieu kaping 2 Maret 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Alhamdulillah PTMT poe ka 2 ieu lancar. Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat teh.
Kagiatan TdBA dinteun ieu panen kangung. guru sareung murid saling gawe bareng nyabutan kangkung teras di kumpulkeun. Alhamdulillah hasilna seur, tehilap hasil kangkungna dibagikeun ka warga sakolah nyaeta ka murid, sareng ka guru jeung ka kantor dinas.
Teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-