Dinteun ieu kaping 23 Maret 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Alhamdulillah kagiatan dinteun ie lancar. Saportos biasa dimimitian ku kagiatan poe rebo nyaeta ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, sareung ngalestarikeun kaulinan tradisional anu aya di Jawa Barat.
Kagiatan pembelajaran lainna nyaeta aya anu keur praktek ti kls 3 ngadambeul pot tina lembah plastik, jeung aya anu di ajar TdBA ti kls 2 anu keur nyemai sareng ngarawat tanaman, praktek renang ti kls 4, sareng murid-murid hebat anu keur latihan gabungan pramuka siaga sareng penggalang.
Teu hilap Ibu/Bapak guru sareung murid anu di pikacinta tos ngabantosan ngabersihan lingkungan sakola, sareng teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.