Dinteun ieu kaping 9 Maret 2022, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Alhamdulillah PTMT poe ieu lancar. Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat teh.
Kagiatan TdBA dinteun ieu Ibu Kapala Sakola sareung murid nuju ngalaan bunga telang. Alhamdulillah hasilna seur, hasil bunga telangna bade di olah deui jadi prodak ti Sakola Ekologi.
Teu hilap Ibu/Bapak guru anu tos ngabantosan ngabersihan lingkungan sakola, sareng teu hilap ka para penjaga sakola anu giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng nyiram tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-