Dinteun ieu kaping 24 November 2021, di Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh dilaksanakeun sapertos biasa, guru piket anu sok ngabageakeun barudak di payun gerbang sakola mariksa suhu awak, sangkan kagiatan diajar ngajar lancar.
Kagiatan dinteun ie dimimitian ku diajar dikelas, ngawanohkeun barudak kana naon anu aya di Jawa Barat, Ngamumule kaulinan sunda, sangkan barudak nyaho naon wae anu aya di provinsi Jawa Barat jeung teu poho kana kaulinan tradisional ti sunda.
Sareung dinteun ieu mangrupikeun dinteun anu pikareuseupeun pikeun Sakola Ekologi UPTD SDN 8 Ciseureuh Kahuripan Pajajaran, nyaeta kadatangan tamu anu luar biasa ti tim TVRI anu hoyong terang kagiatan naon wae anu aya di Sakola Ekologi.
Kagiatan TdBA dinteun ieu nyaeta ngamelak bibit di sabudeuran binih anu dibimbing ku Ibu Euis Mulyati sareng Ibu Yusie Yusniar, Kagiatan kadua ngadambeul PSB (Photosynthetic Bacteria) jeung Eco-Enzyme di gedong kasenian anu dibimbing ku Bapak Bambang sareung Ibu Firda, diiringkeun ku Kapala Sakola Ibu Nurhayati sareung Ibu Pengawas Ibu Hj.Popon, katut tim ti TVRI anu ngaliput kagiatan.
Teu hilap ka para pangawal sakola anu salawasna giat ngabersihkeun lingkungan sakola sareng ngararangkay tatangkalan pikeun nyiptakeun lingkungan sakola anu bersih sareng nyaman.
-bu Firda & bu Yunike-